Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 1


Nadoman

1.    Simabdi anu tiluan
Maksadna bade ngadoman
Mangga kupingkeun ku insan
Kus adaya nu nyumpingan

2.    Angkat kana mauludan
Ulah ngadon kukuyuran
Calik bari sasarandean
Ngalap berkah mauludan


3.    Kade sim abdi wasiat
Ka sadaya umat- umat
Mangga enggal nyandak tempat
Tempat sae jeung mupakat

4.    Margina ieu teh wengi
sasih dipedalkeun nabi
muludan ka wargi-wargi
sangkan kenging rahmat gusti

5.    abdi wasiat ka istri
tong dareukeut jeung lalaki
bisina di cabak pipi
daarosok capa cipi

6.    tong cicing di tempat poek
bisina urang di colek
kade tong daek di oprek
mun di cabak ulah daek

7.    kadieu kanu caraang
ameh jongjon rejeng tenar
ulah sok paanggang-anggang
kaparayun kanu caang

8.    komo mun ka pihak istri
entong milaraan diri
ulah cicing dinu buni
sing bisa ngajaga diri

9.    komo lamun jadi istri
tong ngadeketan lalaki
sing risi sing ati-ati
ulah ngamumurah diri







10. kade ulah milaraan
mopoek paduduaan
bisi ka goda ku syetan
setan nu barung kelekan

11. kahade ieu amanat
ulah nyieun pamasiat
ulah ngagogoreng tempat
ku sabab osok kawalat

12. zaman kiwari palaur
loba buaya kalabur
ngarayap ka unggal lembur
neangan buah jeung bujur

13. kade bareunang ka olo
suuk kapincuk jeung baso
paya asih tawa sono
teu emut panto molongo

14. nu matak kudu waspada
ulah beunang ka garoda
komo eta nu sarupa
tong dibikeun mun teupa

15. kade tong sampai karitu
sing bisa marahan napsu
ulah benang ka taripu
ku buaya model kitu

16. mun aya ka darupak
ku jisim abdi tong nyepak
hukum saratus marutlak
sing bisa ngarobah ahlak

17. sakieu abdi nadoman
nyanggakeun hatur lumayan
minang ka abdi ngelingan
ulah sampat kajadian

0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar