Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 2


1.    hatur nuhun ka sadaya
nu sami hadir sadaya
komo imtihannana
murang kalih sakolana

2.    sim abdi bade ngadoman
kupingkeun ku para ihwan
mung sanes bade nyindiran
tapi bade mepelingan


3.    dimana zaman ayeuna
teu ingkah ka mana-mana
istri sareng pamegetna
sagala rupa polahna

4.    istri jeung pameget ngobrol
istrina di erok enrol
terus rambutna di blow
di galinganna ku erol

5.    terutamina di istri
teras rambutna di poni
di iring-iring lalaki
main mata ngadu pipi

6.    kapamuda kapamudi
masing nyaah kana diri
ulah poho kanu bakti
sabab urang bakal mati

7.    di taros jeung di deukeutan
seuri bari di kiceupan
teras wae diciuman
upami angkat duaan

8.    terutama ka pemuda
karesep neangan janda
nu di pandang harta banda
asal pang meulikeun vespa

9.    dahan na dahan melati
di tutup ku daun salam
cariosan ti simabdi
di tutup akhirul kalam

0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar