Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 3

1. ieu abdi nu tiluan
minangkana perwakilan
tirombongan ieu pisan
ngalebetan perayaan

2. kumaha ieu nadoman
teta titi kalakkuan
ka istri nu carogean
padamelan ngawulaan


3. ngemutan ka sadayana
istri-istri nu islamna
kade masing tarumutna
kana aturan agama

4. naon sapalih aturan
istri wajib ngagaulan
mun caroge pupundutan
nyai enggal nyubadanan

5. naon bae pamundutna
asal nu tong dorakana
urang wajib narurutan
sabisana saimbangna

6. kudu cicing dibumina
entong erek kaluarna
sanajan ku salengkahna
euweuh idzin carogena

7. kawajiban kaum istri
tugasna ti Maha Suci
mun istri madep kagusti
di taros bumi jeung patri

8. naha maneh anjeun istri
ngurus budak teu taliti
didikna siang jeung wengi
istri di tugas ku gusti

9. kaduana soal imah
naha anjeun ngabebetah
na imah salaku maneh
mun henteu tangtu tugenah

10. lamun jol sumping akangna
nyai tong kalah nukangna
enggal susutan kesangna
kalayan budi amisna

0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar