Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 4



1.    eling-eling jalma islam
sing pengkuh kapercayaan
terhadap Allah pangeran
Allah anu Maha Heman


2.    Kukuh pengkuh patekadan
Dina ieu pisan
Zaman eukeur karandapan
Ku rupa-rupa godaan


3.    Ngagoda jalma nu iman
Tong benang diharewosan
Ku syetan pikeun tandangan
Pibatureun di jahanam

4.    Sabab nu piek imanna
Bakal tarik ngagodana
Weni ngorbankeun dirina
Ngabela kana nafsuna

5.    Ngudar tali kaislaman
Ieu papagon pangeran
Henteu beunang di elingan
Asal nafsu ka cumponan

6.    Dawuhan nabi pinujul
Ieu di ahir bakal muncul
Loba jalma nu garundul
Taya buuk padarugul

7.    Hartos buuk eta iman
Harta gundul leupas iman
Geus leupas pi masti pisan
Dirina meunang siksaan

8.    Mun urang ku gagancangan
Ngoreksi diri sorangan
Laku lampah di beresan
Sarta tobat ka pangeran

9.    Ibadah gewat alusan
Meungpeung hidup di nyawaan
Ulah wungkul kadunyaan
Allah tangtu ngabenduan

10. Meungpeung dunya masih gempar
Memeh di jadikeun dzikir
Lapang lega sarta melar
Taya hahalang salambar

11. Dunya teh tereh digulung
Ku gusti Allah nu agung
Sabab jelema geus mangprung
Poho parentah nu agung

12. Loba nu naggong ka Allah
Geus wani manehna mangloh
Wani ninggalkeun kawajiban
Eta ciri ahir zaman

13. Ayeuna keur ka alaman
Ku jalma nu kurang iman
Turut hawa nafsu syetan
Di akherat jejeritan

14. Sing garu pati jeung raspati
Kapangeran kudu bakti
Aduh ampun tobat abdi
Serah ka gusti yang widi

15. Menta ampun kapangeran
Tina sagala siksaan
Tapi Allah teu nyumponan
Kalah tambah kanyerian

16. Mangka hade dulur-dulur
Poma ulah rek takabur
Kudu inget kana kubur
Badan urang bakal ancur

17. Sakieu hatur lumayan
Ka sadaya ihwan-ihwan
Mugi Allah ngarohmatan
Di aku umat pangeran

0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar