Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 5


1.    Sim abdi bade nyipatan
Ari jalma nu mumulan
Kana waktu karajenan
Taya pisan rarajenan

2.    Mun subuh kalah murungkut
Teu ka duga ngudar simbut
Di geuingkieun sing cemberut
Padahal setan mah imut


3.    Majar teh ke heulaanan
Daekan teh tetempoan
Sok nyai akang simbutan
Tunduh keneh tos rondaan

4.    Bari hudang enggeus beurang
Subuh mah teu kabagean
Ngeunah di pepende setan
Peupeujeun entong eladan

5.    Lamun datang waktu lohor
Kalah katunggkul ku kantor
Tawa kalah ludar ledor
Teu beda pisan jeung bodor

6.    Lamun datang waktu ashar
Ngobrol kawas anu sasar
Majar maneh encan dahar
Rek migawe sholat ashar

7.    Mun datang waktu magrib mah
Kalah asup ka arimah
Nu kitu ngarana salah
Lain anggur berjamaah

8.    Teu lami jol waktu isa
Kalah indit katatangga
Bari nyandak kartu tea
Erek gapleh jeung tatangga

9.    Gapleh mah sapeuting pinuh
Henteu karasaeun tunduh
Ngajimah sajam ge tunduh
Ka ajengan ngarurusuh

10. Sakieu abdi pepeling
Pamugi janten pangeling
Khususna kanggo sim kuring
Umumna ka anu sumping


0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar