Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 6


1.    Abdi sareng rerencangan
Ngadeg bari sasarengan
Nerangkeun nu kabuktosan
Remaja di ieu jaman

2.    Pamuda jaman kiwari
teu kaop di ajak seuri
istri anu ngajak seuri
asana teh kasep diri


3.    lamun indit ka tongtonan
jeung istri baris rerendengan
ngarah di sangka bujangan
padahal atos putraan

4.    lamun bajuna teh anyar
ka awewe cengar cengir
kahayangna untar anteur
siga jalma anu lieur

5.    komo mun make calana
teras ka kulon angkatna
jeung anu demplon papanggihna
ngomong hayang kapakena

6.    komo mun dikacamata
angkat na teh beuki gaya
ka istri teh ngan ngahina
boga rasa urang gaya

7.    rambutna teh digalingan
make beusi meunang meuleum
loba aksi gagayaan
komo mun aya parawan

8.    ahirul kalam tungtungna
abdi sareng rerencangan
nerangkeun nu kabuktosan
pemuda di ieu jaman


0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar