Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 7


1.    nyanggakeun salam patepang
ka sadaya bujang-bujang
ka parawan nu lalenjang
kanu deket kanu anggang

2.    ieu abdi nu opatan
ngadeg dina papanggungan
maksadna bade nadoman
mugi sing janten kamanpaatan


3.    oge abdi sadayana
ngiring meriahkeun nana
kana di babarkeun nana
jungjunan urang sadaya

4.    nabi Muhammad jenengan
nyata nu janten panutan
oge nu janten jungjunan
keur sadaya umat islam

5.    manusa jaman ayeuna
loba pisan ihtilapna
teu mungguh ajengannana
terutama ka rakyatna

6.    tingkah pameget jeung istri
di dieu jaman ki wari
geus ampir teu ka ciri
awewe reujeung lalaki

7.    komo lamun rerendengan
hese pisan ngabedakeun
sabab sami na naggoan
istri boh pameget pisan

8.    lamun pameget rambutna
di gondrong ameh gayana
teras dijabrigkeun nana
tambah tambah aksina

9.    tapi lamun rambut istri
di tingal jiga lalaki
di potong jeung tambah aksi
bari reujeung henteu nyeni

10. tambah istri pamolahna
dina ka mewahannana
teras halis di kerokna
di ganti kunu hidengna


11. biwir panon dihideungan
mun buluna di centikeun
teras lambe di beureuman
tambah pipi di make up an

12. istri nu masih parawan
angkat ka panglalajoan
ti bumi indit sorangan
ameh aya nu noelan

13. mung sakitu parantosan
ti abdi anu opatan
tamatna wallohualam
bissowab sareng wassalam

0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar