Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 8


1.    ieu abdi sadayana
ayeuna bade macana
dina perayaannana
di hadiran ibu bapak

2.    upami nu janten putra
putra ibu putra bapak
istri pameget sadaya
ulah rek sina nanyalira


3.    lalaki jaman ayeuna
dina pagaweannana
loba anu teu berguna
teu puguh alang ujurna

4.    budak tukang ieu ka luyur
nu aya di lembur lembur
loba waktu anu nganggur
teu beunang pisan di atur

5.    cukup ngarit ngala jukut
minangka gawe nu matuh
gawena ulin teu puguh
henteu boga ka riripuh

6.    ngulik kana naon naon
pedah enggeus boga calon
malah geus boga sapatu
geus bisa ngagolah hulu

7.    pulpen nyelongkrong na saku
teu beda jeung bapak guru
padahalmah henteu metu
kana aksarana beku

8.    lantaran henteu sakola
ngaran buta hurp tea
eta kitu lolobana
sing inget para pemuda

9.    oge mungguh di istrina
teu aya pisan bedana
awewe jaman ayeuna
 tacan aya pangantina

10. tapi loba kahayangna
peperedih ku bapana
pakean hayang gindangna
ka kolot ukur nipuna


11. gawena kuralang kuriling
ti beurang reujeung ti peuting
ka awewe sok curaling
boga rasa diri ginding

12. komo istri lamun ngangen
angena teu di uyahan
nempo batur di kawinkeun
manehna teh kabitaeun

13. kabapakna nyaritakeun
hayang dipanganeangankeun
da ppuguh geus teu kuateun
hayang gewat di kawinkeun

14. henteu kungsi bubulanan
paling oge mimingguan
sarta matak reksak badan
ingetkeun hey ihwan-ihwan

15. ulah hayang salakian
lamun tacan hideng pisan
tapi riksa heula badan
sing pinuh ku pengertian

16. margi kitu ihwan-ihwan
putra kedah dijurungkeun
kana tempat pendidikan
bekel jeung piaheratan

17. sakieu abdi nadoman
ka sadaya ihwan-ihwan
mugi sing janten emutan
ahirul kalam wassalam


0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar