Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 9


1.    assalamualaikum
warohmatullohi lakum
wabarokatuhu lakum
wal jami’i ah wa lakum

2.    sim abdi bade wawani
ka pemuda jeung pemudi
anu pada hadir sami
kumpul dina ieu wengi


3.    terutama ka pemuda
kade ulah rek kagoda
mun papanggih jeung nu gaya
kahade bisi ka bawa

4.    lalaki nu ngajauhan
ka istri nu meunang dangdan
da sieun kagoda setan
ku lantaran tebal iman

5.    eta sadayana ikhwan
pemuda nu tebal iman
henteu ka goda ku setan
urang teh kedah nurutan

6.    sim abdi anu tiluan
ngadeg dipayuneun ihwan
maksadna rek mepelingan
dina ieu imtihanan

7.    awewe jaman ayeuna
teu era make calana
ka luhur make lekbongna
nu tembang bulu kelekna

8.    komo mun aya nu gratis
sanaos hujan gerimis
tuluy bae luas lewis
tepak toel ngome kumis

9.    di jalan teh silih puntang
pameget jeng istri lenjang
beuki deukeut beuki hayang
nyabak nu di jero kutang

10. kalakuan nu kitu teh
jaman akhir teh te aneh
sepuh nu nyaho ku maneh
teu di warah di weweleh


11. wiat ibu bapak bapak
upami kagungan putra
masing leres ngadidikna
ulah di antep karepna

12. duh paur jaman ayeuna
istri sareng pamegetna
gawena ngan poya poya
teu inget kana dorakana

13. nyakitu jeung pamegetna
bari tumpakna vespana
istri di ojegkeun nana
bari tatanggahannana

14. datangna ka panontonan
istrina di ajak jajan
sabab aya pangharepan
ari balik di cabakan

15. pameget mah kabayangna
ngolo ka istri nu geulisna
korban suuk sabungkusna
seubeuh nyabak jeung nyiumna

16. eta istri anu kitu
sareng pemeget teu tangtu
ku allah di pake satru
di akherat meunang bendu

17. upamina gaduh putra
nehteu aya dadasarna
nyaeta dasar agama
eta teh matak cilaka

18. nyilakakeun ka dirina
oge ka ibu ramana
di dunya jeung akheratna
eta henteu bahagia

19. margi kitu ihwan-ihwan
putra kedah di jurungkeun
kana tempat pendidikan
dunya jeung piaheratteun

20. sakieu abdi nadoman
sadayana ihwan-ihwan
mugi sing janten emutan
ahirul kalam wassalam

0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar