Carilah tempat terbaik, orang2 terbaik, dan bicarakan hal2 yg baik, insyallah qt akan jadi yang terbaik

Download Modul

Jumat, 17 Februari 2012

Nadoman 10


1.    ieu abdi nu tiluan
maksadna ngiring imtihan
mung ukur lulumayanan
maosna ieu nadoman

2.    dupina bade di pedar
pepling ka dulur-dulur
husus ka batur salembur
mung sanes pisan takabur


3.    pendekna ka murangkalih
nu pikirna ulah alih
nu can boga rasa ajrih
henteu boga pikir perih

4.    oge ka para pemuda
kapemudi oge sama
jauh ti didikan agama
hirupna sakama-kama

5.    gawena ngan jalan-jalan
unggal poe heheotan
solat mah teu dilakonan
eleh ku pangajak setan

6.    mun magrib kalah ngagimbrung
ngagimbrung hareupeun warung
kana solat pada embung
kapan parentah nu agung

7.    pamuda jaman ayeuna
kacida pisan ningkahna
kitu deui pamudina
sami pada naringkahna

8.    buuk gondrong semet dada
niru-niru ka wanita
baju merecet soregna
calana gede handapna

9.    awewe jaman kiwari
tingkah laku anak negri
marakena erok mini
make calana lalaki

10. ari rajen teh di tiung
di sampaykeun dina beuheung
bari katingali ping-ping
urut budug mani ramping


11. nu kitu sanes contoan
lakuan setan jauhaneun
tingkah matak ngucewakeun
ka diri geura rasakeun

12. ku sepuh tong diarantep
tong sina sakarep karep
nasehat na masing nyerep
di jaga masing saresep

13. peusing kolot jeung tikukur
di pisahkeun monyet pendek
sing emut ka liang kubur
tambahan iman saderek

0 komentar:

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( :-p =))

Posting Komentar